Nalika Sujud
Gusti..ieu abdi nu seueur dosa
Tukang nyungsi kagorengan,estu. jarang rumasa
Ya Robbi…danget ayeuna abdi sumerah
Nyeungceurikan sagala kalap tabéat,khilap pasrah
Ya Rohiim…Ya ‘Adhim….
Abdi yaqin ayana Naraka Jahim
Abdi sieun, kajongjonan janteun jalmi lalim.
Guleuy jeung maksiat, jauh tina qalbu
‘alim
Teu rumaksa laku, minculak ka sepuh tur dholim
Ya ‘Afuw
Cai soca anu ngeclak di tempat sujud
☘️Mugi nyakséni,nalika nyawa dicabut
Ya Ghofur, Nu Maha Luhur
Mugia nampi tobat ieu makhluk nu takluk
Astagfirullohal’adzim.